Waktu walangsungsang datang ka karawang. Seh ora keur narima tamu ti arab. Tamuna aya tiluan, marahnehna teh seh Darugem, ki Taat, jeung ki Hurmat. Eta tamu the datang ka karawang bari mawa parahu anu pinuh pisan ku kitab. Maksud kadatangan eta tamu the haying nguji kasaktian seh Ora anu majar elmu panemuna jembar pangabisana.
Seh Ora ngobrolna meni uplek pisan jeug tamu-tamuna, pangpangna mah jeung seh Darugem, ku uplek-uplekna nepi ka ngobrolna the lila pisan. Siki bubuahan anu di alungkeun mimiti ngobrol nepi ka jaradi tatangkalan, malah waktu ngobrolna rengse eta tangkal the buahna meni marehpeuy.
Seh Ora tuluy ngaluarkeun awi sabuku, dina jero eta awi the aya caina.
“ keur naon eta awi the kanjeng seh?”, ceuk seh Darugem.
“Bisi arandika rek kokojayan, pek bae asup kadinya”,tembal seh Ora.
She Darugem jeung dua baturna ngembang kadu, teu ngarti kana maksud omongan seh Ora. “naon maksud kanjeng seh the?”,ki Taat Tanya deui.
“Arasup geura ka jero ieu awi teh!”, tembal seh Ora.
Tamuna anggeur carolohok bae, ceuk pikirna lamun urang kudu asup ka jero ieu awi, ilok bisa asup! Apan awi sakitu leutikna, jeung kumaha deui cara asupna?. She Ora tibang imut. Percayalah kanu loba elmu mah.
Eleh geleng seh Darugem, ki Taat jeung ki Hurmat tuluy laluncatan ka jero eta awi. Na ari brush ari bray, maranehna kawas aya di lautan bae. Caina ngeplak lega pisan, tetenjoeun plung plong kaditu kadieu, teu siga-siga dina jero awi sabuku. Seh Darugem jeung dua baturna bati gogodeg.
Tuluy eta tilu jelema the kalaluar deui tina jero awi the. Seh Darugem cong ngahormat, ari ki Taat jeung Ki Hurat mah melengek bae, kawas buek menang mabuk. Eta tilu jelema the tuluy diuk mendeko madep ka seh Ora bari ajrih. She Ora katingalna imut bae, “ih sugan the rek tuluy kokojayaan”.
“Ampun kanjeng seh, kuring rumasa eleh, tetela kanjeng seh teh orang sakti, ti ayeuna oge kuring sabatur-batur seja taluk ka seh”, tembal seh Darugem.
Pok na seh Ora nembalan “jung ayeuna mah baralik bae, piceunan eta kitab mun eweh mangpaatna mah”.
Antukna ki Taat jeung ki Hurmat marulang deui. Ngan seh Draugem menta widi, sangkan diidinan jadi santri di dinya, rek babakti jeung guguru ka seh Ora. Ku seh Ora oge teu di koretkeun, kahayang seh Darugem di tedunan. Ti harita seh Darugem jadi pangiring seh Ora anu satia.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar